Lirik Lagu Wina – Lalakon Cinta

By | Agustus 30, 2020
Wina - Lalakon Cinta

Tembang tembang cinta
Ngahariring manis ngalagena
Nu harita mepende hate
Kiwari tos sumbang sorana

**
Kembang kembang cinta
Mapaesan dina taman rasa
Dalingding seungit malati
Harita malekar na ati

Kiwari layu teu kasiram
Katebak angin maruragan

Reff
Bumi langit saksina
Mika cinta salamina
Bumi jeung langit saksina
Cidra basa ingkar ti janjina

Bulan bentang saksina
saati seja satia
Bulan bentang saksina
Dalah mengatkeun tali

Ya allah ya robbi kiatkeun diri
Dina nandangan lara lalakon cinta
Kembang kembang asih numekar munggaran
Kalahkan layu di tengah jalan

Ha…. Haaaa. Haaaaa…
Ha…. Haaaa. Haaaaa…

Back**

Lirik Lagu Yang Terkait:
Wina – Lalakon Cinta

Temukan Mp3 Wina – Lalakon Cinta