Lirik Lagu Detty Kurnia Feat Darso – Naon Lepatna

By | Juni 25, 2022
Detty Kurnia Feat Darso - Naon Lepatna

Naon lepatna, naon dosana
Mun diri katarik geter simpati
Kabandang kamelang

Naon lepatna, naon dosana
Mun rasa rumasa nyimpaykeun tresna
Mikaasih ka dirina

Kapan cinta kedah anteb jeng asihna
Kapan asih kedah tingtrim sumandingna

Sedeng rasa rumasa manteng teuteupna
Demi kasatiaan
Janten pageuh pamadegan

Naon lepatna naon dosana
Nepikeun tungkusan kalbu mustika asmara

Naon lepatna naon dosana
Da niat rek saenyana, mikaasih ka dirina

Kapan cinta kedah anteb jeng asihna
Kapan asih kedah tingtrim sumandingna
Sedeng rasa rumasa manteng teuteupna
Demi kasatiaan
Janten pageuh pamadegan

Naon lepatna naon dosana
Nepikeun tungkusan kalbu mustika asmara

Naon lepatna naon dosana
Da niat rek saenyana, mikaasih ka dirina

Naon lepatna naon dosana

Lirik Lagu Yang Terkait:
Naon Lepatna – Darso Detty Kurnia

Temukan Mp3 Detty Kurnia Feat Darso – Naon Lepatna