Lirik Lagu Yayan Jatnika – PUKAH

By | Juni 25, 2022
Yayan Jatnika - PUKAH

Satadina..
Sugan teh moal rek cidra
Boro betah mikanyaah, mikacinta
Kamanehna..
Kuring geus asa miboga
Geuning….
Asih teh lain nu kuring
Katresna gancang luncatna
Milih.. nu lian..

Diri kuring…
Ibarat cukang wahangan
Dipake meuntas..
Pikeun nyorang paniatan
Batin sedih..
Duh nyeri kaliwat saking
Peurih…
Asa diturih ku hinis
Asa ditirug jajantung..
Ngalanglayung..

Anjeun, datang deui
Sanggeus, meunang kanyeri
Tapi hate, teu narima
Kanyeri asa can bari
Bongan.. anjeun tega
Ngulinkeun, rasa kacinta

Asih, nu mimiti
Pukah, teu puguh salah
Pegat beurat duriat
Anjeun mah jongjon miheman

Diri kuring…
Ibarat cukang wahangan
Dipake meuntas..
Pikeun nyorang paniatan
Batin sedih..
Duh nyeri kaliwat saking
Peurih.. asa diturih kuhinis
Asa ditirug jajantung..
Ngalanglayung..

Anjeun, datang deui
Sanggeus, meunang kanyeri
Tapi hate, teu narima
Kanyeri asa can bari
Bongan.. anjeun tega
Ngulinkeun rasa kacinta

Asih, numimiti
Pukah, teu puguh salah
Pegat beurat duriat
Anjeun mah jongjon miheman

Lirik Lagu Yang Terkait:
YAYAN JATNIKA – PUKAH

Temukan Mp3 Yayan Jatnika – PUKAH