Lirik Lagu Mae Nurhayati – DIKANTUN TUGAS

By | April 18, 2024

Calik dina bangbarung
Anteng ngahurun balung
Nyawang anu ngalangkung
Sedih manahna nguyung

Emut ka sang panutan
Ngantun mang bulan bulan
Lami taya nyeratan
Wartos di medan perang

Nanging nu geulis sadar
Sarta manahna sabar
Pasrah ikhlas tur rela
Jujur sarta satia
Pasrah ikhlas tur rela
Jujur sarta satia

Nyanggem lebet manahna
Aduh engkang iraha
Kempel sareng sadaya
Mulih ti medan jaya

Abdi nu ngantos ngantos
Mugi maparin wartos
Namung abdi tos pasti
Engkang lanang sajati

Najan urang tos pasti
Langgeng tetep miasih
Batin tetep pacaket
Sareng nu dipimeumeut
Batin tetep pacaket
Sareng nu dipimeumeut

Emut ka sang panutan
Ngantun mang bulan bulan
Lami taya nyeratan
Wartos di medan perang

Nanging nu geulis sadar
Sarta manahna sabar
Pasrah ikhlas tur rela
Jujur sarta satia
Pasrah ikhlas tur rela
Jujur sarta satia

Lirik Lagu Yang Terkait:
Mae Nurhayati – Dikantun Tugas

Temukan Mp3 Mae Nurhayati – DIKANTUN TUGAS