Lirik Lagu Hendy Restu – Aya Naon

By | Agustus 17, 2020
Hendy Restu - Aya Naon

Aya naon aya naon

Kalangkang anjeun nembongan
Ngolebat ngagupai rasa
Lir nu rek mawa tanggara
Padahal geus lami ilang
Sirna pupus na pikiran
Carita baheula urang
Keur bareng nguntun katresna

Aya naon aya naon

Ngalangkang teu daek ilang
Napel anteng na pikiran
Teu beunang di papalerkeun
Boa boa nu kasawang
Anjeun nandangan tunggara
Tapi dalah di kumaha
Diri geus aya nu boga

Lain henteu ngapi`ati
Lain udar tali asih
Ngan urang geus lain deui
Hampura sanes teu surti

Lir kaca peupeus ti beubeut
Hese ngahijina deui
Inggis aya anu raheut
Mun diri.. mi dua ati

Aya naon aya naon

Ngalangkang teu daek ilang
Napel anteng na pikiran
Teu beunang di papalerkeun

Boa boa nu kasawang

Anjeun nandangan tunggara
Tapi dalah di kumaha
Diri geus aya nu boga

Lain henteu ngapi`ati
Lain udar tali asih
Ngan urang geus lain deui
Hampura sanes teu surti

Lir kaca peupeus ti beubeut
Hese ngahijina deui
Inggis aya anu raheut
Mun diri.. mi dua ati

Lirik Lagu Yang Terkait:
HENDY RESTU – AYA NAON

Temukan Mp3 Hendy Restu – Aya Naon