Duhh gusti… abdi nampi takdirna diri
Cocobi ka diri abdi
Guratan takdir na diri
Ya robbi… abdi sumerah diri
Neda pitulungna gusti
Pikawelas pikaasih ya robbi
Nyorangan di pangumbaraan
Nalangsa pinuh ku cimata
Nu dicinta ingkar tina jangjina
Abdi nyorangan
Cukleuk leuweung cukleuk lamping
Jauh ka indung ka bapa
Liuek deungeun lieuk lain
Nueng geulis hirup nyorangan
Ngan ka gusti abdi muntang
Nyalindung neda pitulung
Takdir teu beunang di pungkir
Kadar teu beunang disinglar
Masraha keun diri abdi gusti
Dikawelas dikaasihna gusti
Ya robbi… abdi sumerah diri
Neda pitulungna gusti
Pikawelas pikaasih ya robbi
Nyorangan di pangumbaran
Lirik Lagu Yang Terkait:
Febi Fitria – Guratan Diri