Lirik Lagu Fanny Sabila – Na Masih Aya

By | September 3, 2020
Fanny Sabila - Na Masih Aya

Ti katebihan hawar hawar sora tembang
Nyuat lamunan
Bray kapiraray nu kungsi ngeusian hatè
Datang nèmbongan

Padahal urang tos lami paturay
Bari jeung tebih tina paningal

Teu bisa bohong masih kènèh aya rasa
Rasa cinta
Teu bisa mungkir masih kènèh ngait pikir
Ka Anjeuna

Da kahoyongmah asih bihari
Nu kantos pegat kasambung deui

Na masih aya ti salira
Rasa rasa nu ku abdi karasa
Tali kaasih nu kantos pegat
Miharep nyambung cara kapungkur

Na masih aya tisalira
Rasa rasa nu ku abdi karasa
Miharep kadeudeuh nu kantos udar
Kabeungkeut deui ku urang duaan

Lirik Lagu Yang Terkait:
FANNY SABILA – NA MASIH AYA

Temukan Mp3 Fanny Sabila – Na Masih Aya