Lirik Lagu Doel Sumbang – Setan Seuri Bungah

By | Desember 27, 2020
Doel Sumbang - Setan Seuri Bungah

Arisan di diskotik poek
Atawa ngagosip di karoke
Bari nyiar jalu baragajul
Di golongan jalma gede

Ararateul nyiar jalu baragajul
Di golongan jalma jalma gede

Teu jarang kapikiran
Boa kiamat teh pageto
Kusabab kuring nyaksian
Jalma beuki garelo

Ngaku manusa kalakuan model tetelo
Isuk beurang sore peuting
Terus eunggeus poho

Arisan di diskotik poek
Atawa ngagosip di karoke
Bari nyiar jalu baragajul
Di golongan jalma gede

Kuring ningali loba awewe jaman kiwari
Ulin bebas liwat teungah peuting
Kawas jurig nyiliwuri

Heunteu nu lelengohan
Heunteu nu boga salaki
Unggal poe balik subuh
Di anggap trendi

Na kumaha atuh pipikiran teh
Nya ari nu lelengohanmah
Bari jeung teu pantes ge

Arisan di diskotik poek
Atawa ngagosip di karoke
Bari nyiar jalu baragajul
Di golongan jalma gede

Naudzubillah himindzaliq
Geulis geulis jadi runtah
Naudzubillah himindzaliq
Geulis geulis siga nu owah

Naudzubillah himindzaliq
Nempona matak utah
Nurustunjung si nurustunjung
Setan ngadon seuri bungah

Kuring ningali loba awewe jaman kiwari
Ulin bebas liwat teungah peuting
Kawas jurig nyiliwuri

Heunteu nu lelengohan
Heunteu nu boga salaki
Unggal poe balik subuh teh
Ceunah trendi

Naudzubillah himindzaliq
Geulis geulis jadi runtah
Naudzubillah himindzaliq
Geulis geulis siga nu owah

Naudzubillah himindzaliq
Nempona matak utah

Lirik Lagu Yang Terkait:
Doel Sumbang – Setan Seuri Bungah

Temukan Mp3 Doel Sumbang – Setan Seuri Bungah