Lirik Lagu Doel Sumbang – Mang Darman

By | September 7, 2020
Doel Sumbang - Mang Darman

Mang darman urang sadang serang
Geus 7 taun dagang jeruk di tanggung
Teu tangtu dimana mangkalna
Nu penting mah
Asal rame wae tempatna
Lamun kudu nyarita mah nya tangtu cape
Nanggung jeruk unggal poe
Indit isuk balik sore
Bari bati teu sapira
Ngan nya kudu dikumaha
Da sakitu kanyataanana

Komo deui mang darman teh boga anak
Nu masih di sd keneh
Kaperluana teh loba kacida
Da geuning ayeuna mah
Sakola teh sagala duit… waduk
Ongkoh wajib belajar
Nya wajib mah tinggal wajib
Tapi ari keur nu sangsara mah
Angger weh sesek napas
Kungsi hiji waktu budakna mang darman
Teu menang asup sakola
Kulantaran 3 bulan can mayar spp
Mang darman bati ngahelas
Da rek dikumaha deui
Puguh hirup ngan sakitu-kituna
Komo pan dagang jeruk mah teu tangtu
Hayang beak satanggungan teh
Bisa sapoe… bisa sabulan

Nya ku sabab euweh deui jalan
Kapaksa mang darman nginjem
Ngijemna kasaha deui
Mun lain ka tukang renten
Da geus puguh
Ari tatangganamah sarua wae
Imah nu sagede kandang monyet teh
Suratna di borehkeun
Nya tong reuwas
Lamun waktu malikeun
Leuwihna ditangtukeun
Sakitu persen na

Da geus puguh ari tukang
Renten mah ti baheula oge
Leuwih edan batan ucing garong
Leuwih edan batan ucing garong
Karunya teuing mang darman
Eukeur mah hirup ka pencet
Aya nu nambah ngagencet
(…uyuhan teu pejet oge)
Ti saprak loba hutang
Mang darman leuwih getol dagangna
Unggal poe udar-ider
Susuganan jeruk beak
Aya bati rada leuwih
Rek di pake nyicil hutang

Dasar jalma mun keur sial
Sagala ge matak oah
Keur nagog di hiji jalan
Jeruk acan payu-payu acan
Kurunyung rombongan tibum…
Mang darman katewak
Tuluy tanggunganana
Di angkut kana truk
Mang darman bati gogodeg
Basa nampa kaputusan
Yen tanggungan jeng jerukna
Kudu di tebus sakitueun ..(weureu)

4 poe ti harita
Mang darman niat rek nebus
Da kabeneran aya keneh duit sesa
Panginjeuman ti ucing garong tea
Sing horeng gening sing horeng
Ngan tinggal tanggunganana
Jerukna teuing kamana
Duka di legleug ku saha
Hmm.. mang darman tong kaget
Hirup mah heuheuy jeung deudeuh
Mun keur seuri cape seuri
Mun keur ceurik cape ceurik

Tong kaget mang darman
Bangsa urang mah rea nu aneh
Ka handap ngagalaksak
Ka luhur leletak
Tong pipilueun urang mah mang darman
Bae da dodojamah.. biasa
Ceuk kolot-kolot urang tea mah
Hirup pinuh dodoja teh
Lir ibarat leumpang nanjak
Engke mun geus ka puncak
Sok manggih pamandangan endah

Sugan weh atuh mang darman
Surat imah sugan weh ka tebus deui
Tanggungan mah
Nya.. tarimakeun weh mang darman
Da loba pisan jelema beuki jeruk teh
Tibum ge meureun beukieun kana jeruk mah
Da jelema eta oge
Atuh sugan isuk pageto
Hirup urang jadi ca’ang deui mang darman
Da urang mah ukur ikhtiar
Hasil henteunamah urang
Sanggakeun weh kanu kagungan

Sing sabar mang darman
Tong jadi dendam…
Tong jadi kiruh hate…
Bisi hirup beuki hese
Tong jadi kiruh hate…
Bisi hirup beuki hese

Lirik Lagu Yang Terkait:
Mang Darman – Doel Sumbang

Temukan Mp3 Doel Sumbang – Mang Darman