Lirik Lagu Doel Sumbang – Juragan Cepoy

By | November 24, 2020
Doel Sumbang - Juragan Cepoy

pan dina papatah oge
gantungkan cita cita setinggi langit
kitu ceunah pot

Impian juragan cepot
Impian kacida abot
Rido jadi bujang kolot
Nunggu mojang nu berbobot

Hayang awewe binangkit
Awak mulus jangkung alit
Bari sehat teu ririwit
Lamun imut meni leugit

Resep ngaos ka masigit
Mun rek indit ijin pamit
Nyaahan ka jalmi alit
Barang bere tara medit

Jauh tina sifat sulit
Nyarita tara nyeulekit
Salingkuh tara di ungkit
Ijin nyandung heunteu rumit

Mun bisa anak nu beunghar
Ngarah sirah heunteu jangar
Mikiran udud jeung dahar
Hirup senang awak cenghar

Keun bae loba kahayang poot
Da euweuh anu ngalarang
Cadu keueung poot kudu ludeung
Tapi inget ulah poho ngeunteung

“piraku hirup rek mihapekeun beuteung
Ka mitoha euy lalaki
Atuh buktikeun lalaki”
“lamun senang bagi bagi”
“lamun susah teureuy kusorangan”

Impian juragan cepot
Impian kacida abot
Rido jadi bujang kolot
Nunggu mojang nu berbobot

Hayang awewe binangkit
Awak mulus jangkung alit
Bari sehat teu ririwit
Lamun imut meni leugit

Resep ngaos ka masigit
Mun rek indit ijin pamit
Nyaahan ka jalmi alit
Barang bere tara medit

Jauh tina sifat sulit
Nyarita tara nyeulekit
Salingkuh tara di ungkit
Hayang nyandung heunteu rumit

Mun bisa anak nu beunghar
Ngarah sirah heunteu jangar
Mikiran udud jeung dahar
Hirup senang awak cenghar

Keun bae loba kahayang poot
Da euweuh anu ngalarang
Cadu keueung poot kudu ludeung
Tapi inget ulah poho ngeunteung

“ngerakeun siah rek naplekeun beuteung
“ka mitoha kawas lain lalaki weh”

Lirik Lagu Yang Terkait:
DOEL SUMBANG – JURAGAN CEPOT

Temukan Mp3 Doel Sumbang – Juragan Cepoy