Lirik Lagu Detty Kurnia – LAMUNAN

By | Juni 19, 2022
Detty Kurnia - LAMUNAN

Daun kalapa…
Nu oyag… ka tebak angin
Siga gupayna…
Kawas gupayna, nu lawas ilang
Kasawang deui.., nembongan deui
Asih munggaran, nu teu kahontal
Dina lamunan…

Mun seug manehna…
Kiwari aya gigireun
Meureunan hate.., moal tagiwur
Dirungrum gandrung
Atuh kamana…, naha dimana
Ukur ngolebat, dina lamunan
Dina lamunan…

Unggal tempat.., tos dipapay
Manehna taya laratan
Unggal beja.., nu katampa
Dijugjug weleh teu aya

Kembang-kembang katresna
Nu kungsi nyambuang
Ukur tinggal wa’asna…
Nyeungitan lamunan…

reff

Mun seug manehna…
Kiwari aya gigireun
Meureunan hate..
Moal tagiwur dirungrum gandrum

Atuh kamana.., naha dimana
Ukur ngolebat, dina lamunan
Dina lamunan…

Unggal tempat.., tos dipapay
Manehna taya laratan

Unggal beja.., nu katampa
Dijugjug weleh teu aya

Kembang-kembang katresna
Nu kungsi nyambuang
Ukur tinggal wa’asna…
Nyeungitan lamunan

Kembang-kembang katresna
Nu kungsi nyambuang
Ukur tinggal wa’asna…
Nyeungitan lamunan

Lirik Lagu Yang Terkait:
LAMUNAN – DETTY KURNIA

Temukan Mp3 Detty Kurnia – LAMUNAN