Lirik Lagu Detty Kurnia – Banondari

By | Juni 21, 2022
Detty Kurnia - Banondari

Eee… banondari anu denok
Anu montok matak moho matak pogot
Ait! iahahaha
Anu geulis meni amis
Anu endah matak kabita duh eulis…
I love you i love you darling…
(naha leres kang ?)
Ngan hanjakal eulis teh teu kaopan
Gampil bendu mun kasinggung perasaan
Tutunjuk bari neuteuli
Nyarios meni nyoroscos
Cerewed lir manuk toed
Duh darling…
(saur saha kang?)
Ait! iahahaha
Najan kitu diri nyai tetep narik
Imutna matak kapincut
Dilakna matak tibelat
Lambey ipis lir kueh lapis
Mun di gegel tangtu amis
Aduh tobat geulis
Iaaaah… hahaa

Aso lali wau waeng
Aso aso asolali wau waeng
Aso lali wau waeng
Aso aso asolali wau waeng

Engkang… sembaheun abdi
Narpati nu gagah sakti
(ya ya ya akang eh gagah sakti aey)
Engkang teh jago ngarayu
Perceka mikat wanita
Teu perduli aya nu boga engkang…
(eta urusan akang eh nyai)
Di dunya taya duana
Pameget nu kawas engkang
Waruga jalugjug jangkung
Ngajedig halisna kerung
Purah ngudag-ngudag bikang
Aduh engkang…
(eh iahahaha)

Diraksukan kuhenteu matut
Dilancingan oge randutdut
Kumis cokrom buuk gondrong
Lir barongsay keur ngadangong
Aduh engkang…
(eh saha nu kos barongsay nyai ?)

Eee… banondari ulah kitu
Cinta engkang teh saestu
Lain cinta imitasi tapi cinta nu sajati
Cinta engkang mah teknologina canggih
( canggih ?)
Eulis…… iaaa hahaha
Cinta engkang di jamin moal rek luntur
Cintaku hanya untukmu
(masa sih)
Dunya brana teu kabilang
Neundeun duit di unggal bank
Emas inten golondongan
Kop kabeh eta keur nyai…
Eit! iahahaha
(boong kali)
Bisi hayang pelesiran langlang jagat
Bari shoping ka unggal nagara
Ka jepang reujeung ka hongkong
Ka new york reujeung ka paris
Atawa rek ka cilingcing
Pek atuh gera balaka
Kahayang pasti aya
Asal bener cinta ka akang
Aduh tobat geulis… iahahaha

Aso lali wau waeng
Aso aso asolali wau waeng
Aso lali wau waeng
Aso aso asolali wau waeng

Engkang……
(akang nyai!)
Engkang teh geningan bodo
Ngrayu carana kuno
Nyombo bari ngolo-ngolo
Engkang……
(naon akang kuno?)
Cinta sanes komoditi
Teu bisa di beuli beuli
Najan ayeuna keur trendi
Atawa di tawar-tawar
Najan di bayar ku dolar
Abdi mah da henteu hayang
Aduh engkang playboy
Aduh playboy
Aduh playboy
Engkang……
(kumaha mun ku rupiah)
Pameget mah di mana-mana ge sami
Eukeur bogoh sok kokorowot
Eukeur geugeut keukeureuweut
Mun can benang panasaran
Engkang…… panasaran
(iahh panasaran)

Lirik Lagu Yang Terkait:
Detty Kurnia – Banondari

Temukan Mp3 Detty Kurnia – Banondari