Lirik Lagu Darso – Rumasa

By | Desember 25, 2020
Darso - Rumasa

Najan meulah gunung
Najan ngapak mega
Sagara pasti disorang
Rumasa hate tibelat
Teu bisa di papalerkeun

Tong boro saminggu
Tong waka sabulan
Sataun rek didagoan
Da bongan hate kapelet
Nu geulis puja`an hate

Naha atuh ukur na sawangan
Anjeun datang mere harepan
Na iraha atuh bakal laksana
Meungkeut tali asih nu sajati
Ulah ngan ukur na sawangan

Ah hanjakal kacida .. lamun teu laksana
Ngaitkeun tali kacinta
Nyimpaykeun rasa kaheman
Meungkeutkeun rasa kadeudeuh

Naha atuh ukur na sawangan
Anjeun datang mere harepan
Na iraha atuh bakal laksana
Meungkeut tali asih nu sajati
Ulah ngan ukur na sawangan

Ah hanjakal kacida .. lamun teu laksana
Ngaitkeun tali kacinta
Nyimpaykeun rasa kaheman
Meungkeutkeun rasa kadeudeuh

Nyimpaykeun rasa kaheman
Meungkeutkeun rasa kadeudeuh

Lirik Lagu Yang Terkait:
Darso – Rumasa

Temukan Mp3 Darso – Rumasa