Lirik Lagu DARSO – DEMI ANJEUN

By | Januari 5, 2023
DARSO - DEMI ANJEUN

Demi anjeun diri kuring moal mungkir
Demi anjeun jangji kuring moal jalir
Ulah rek hariwang
Ulah rek salempang
Hate kuring moal arek luncat mulang

Demi anjeun tekad kuring moal nilar
Demi anjeun hasrat kuring moal pudar
Moal arek rucah
Moal rek awuntah
Estu kuring ka anjeun rek mikanyaah

Geulis.. do’akeun akang
Akang seja.. ngalalana
Ngumbara.. ka tanah sabrang
Mugia pinanggih bagja

Wayahna geulis wayahna
Rek ditinggalkeun ku akang
Lain akang rek sulaya
Tapi demi cinta urang
Wayahna geulis wayahna
Wayahna sing tumarima
Ka gusti urang sumerah
Mugia aya barokah

Demi anjeun tekad kuring moal nilar
Demi anjeun hasrat kuring moal pudar
Moal arek rucah
Moal rek awuntah
Estu kuring ka anjeun rek mikanyaah

Geulis.. do’akeun akang
Akang seja.. ngalalana
Ngumbara.. ka tanah sabrang
Mugia pinanggih bagja

Wayahna geulis wayahna
Rek ditinggalkeun ku akang
Lain akang rek sulaya
Tapi demi cinta urang
Wayahna geulis wayahna
Wayahna sing tumarima
Ka gusti urang sumerah
Mugia aya barokah
Ka gusti urang sumerah
Mugia aya barokah

Lirik Lagu Yang Terkait:
DARSO – DEMI ANJEUN

Temukan Mp3 DARSO – DEMI ANJEUN