Lirik Lagu Bungsu Bandung – Galak Timburu

By | Agustus 8, 2020
Bungsu Bandung - Galak Timburu

Teu ngarti ku pamajikan
Mun datang ambek ambekan
Nanya ge tara nembalan
Da timburuan

Abdi geus ngadenge beja
Akang teh boga nu ngora
Keur leumpang paduduaan
Ngobrol di jalan
Tong percaya
Duh bungsu da kana beja
Da akang mah
Teu rumasa

Tatangga loba nu datang
Enggeus mindeng maranggihan
Sok gancang gera serahkeun
Gancang beresan
Tong percaya
Duh bungsu da kana beja
Da akang mah
Teu rumasa
(bohong bohong bohong sulaya akang mah)
(aduuh ieu kudu sumpah naon atuh )
(hihaah)
(hihah hihah weh ah)

Teu ngarti ku pamajikan
Mun datang ambeuk ambeukan
Nanya ge tara nembalan
Da timburuan

Abdi geus ngadenge beja
Akang teh boga nu ngora
Keur leumpang paduduaan
Ngobrol di jalan
Tong percaya
Duh bungsu da kana beja
Da akang mah
Teu rumasa
(bener akang teh
Bener bener bener ah)
(yeuh ulah sok di denge
Teuing batur mah)
(can tangtu eta teh)
(rek teu keuheul kumaha atuh kang
Da bukti akang teh)
(abdi teh nyeuri nyeuri nyeuri)
(emang akang geus bukti acan)

Tatangga loba nu datang
Enggeus mindeng maranggihan
Sok gancang gera serahkeun
Gancang geresan
Kudu inget
Sumpah akang nu baheula
Da akang mah
Moal sulaya
(teu ngaku boga dosa oge nya, licik)

Lirik Lagu Yang Terkait:
Bungsu Bandung – Galak Timburu

Temukan Mp3 Bungsu Bandung – Galak Timburu