Lirik Lagu BETRAND PETO PUTRA ONSU – ES LILIN

By | Oktober 26, 2020
BETRAND PETO PUTRA ONSU - ES LILIN

Es lilin mah ceuceu kalapa muda
Dibantun mah ceuceu ka sukajadi
Abdi isin dunungan samar kaduga
Sok inggis mah aduh henteu ngajadi

Es lilin mah ceuceu buatan bandung
Dicandak mah geuning ka cipaganti
Abdi isin jungjunan duh bararingung
Sok inggis mah aduh henteu ngajadi

Itu saha dunungan nu nungtun munding
Digantelan geuning ku saputangan
Itu saha dunungan ku ginding teuing
Sing horeng mah aduh geuning jungjunan

Es lilin mah ceuceu dikalapaan
Raosna mah geuning kabina-bina
Abdi alim dunungan paduduaan
Sok sieun mah dibantun kamana-mana

Kamana mah geuningan ngaitkeun kincir
Ka kaler mah ka kaler katojo bulan
Kamana mah dunungan ngaitkeun pikir
Moal paler duduh da ku sabulan

Moal paler duduh da ku sabulan

Lirik Lagu Yang Terkait:
BETRAND PETO PUTRA ONSU – ES LILIN COVER

Temukan Mp3 BETRAND PETO PUTRA ONSU – ES LILIN