Lirik Lagu Ayank Andriani – Paitna Kajujuran

By | Desember 9, 2020
Ayank Andriani - Paitna Kajujuran

Mapay mapay tapak nu kisruh
Maruluh cinta salingkuh
Nuturkeun kereteg hate
Nyisir nyisir kabar teu hade

Lain heureuy ning lain gundir
Nu di teureuy duh mani getir
Hubungan anjeun geus jauh
Siga kapal nu ti kelebuh

Anjeun jujur ngaku salingkuh
Cinta ka abdi geus teu puguh
Anjeun tetep milih manehna
Ngorbankeun sagalana

Di bohongan aduh nyeri nyeri
Di jujuran geuning leuwih nyeri
Asa kabentar kagusur lahar
Peurih meurih getir hate

Di salingkuhan aduh nyeri nyeri
Di putuskeun geuning leuwih nyeri
Kaelehkeun kasisihkeun
Harga diri di ragragkeun

Aduh pait kajujuran
Leuwih pait ti kabohongan
Najan panungtung kapalsuan
Moal moal kaubaran

Aduh pait kajujuran
Panutup cinta urang duaan
Kasedihan kapikiran
Sapanjang jaman

Lain heureuy ning lain gundir
Nu di teureuy duh mani getir
Hubungan anjeun geus jauh
Siga kapal nu ti kelebuh

Anjeun jujur ngaku salingkuh
Cinta ka abdi geus teu puguh
Anjeun tetep milih manehna
Ngorbankeun sagalana

Di bohongan aduh nyeri nyeri
Di jujuran geuning leuwih nyeri
Asa kabentar kagusur lahar
Peurih meurih getir hate

Di salingkuhan aduh nyeri nyeri
Di putuskeun geuning leuwih nyeri
Kaelehkeun kasisihkeun
Harga diri di ragragkeun

Aduh pait kajujuran
Leuwih pait ti kabohongan
Najan panungtung kapalsuan
Moal moal kaubaran

Aduh pait kajujuran
Panutup cinta urang duaan
Kasedihan kapikiran
Sapanjang jaman

Lirik Lagu Yang Terkait:
Ayank Andriani – Paitna Kajujuran

Temukan Mp3 Ayank Andriani – Paitna Kajujuran