Lirik Lagu Asep Ibut – Virus Corona

By | Agustus 24, 2020
Asep Ibut - Virus Corona

Langit geus mere tanggara
Talatah pikeun sapangeusi dunya
Mangsa wabah sumebar kamana mana
Kila kila Dunya rek mungkas renghapna

Virus hate nu kakurung raga
Sumarambah meulit kana Jero rasa
nyaliara ngaruksak jiwa Jeung raga
leuwih harak tibatan virus Corona

Muslim ageman nu ajrih
Linuhung suci ku pangarti diri
Lirih kurohmatan Lill alamin
Netela ngariksa diri
Sangkan bersih Tina sagala panyakit

Corona Ngan ukur ngaruksak raga
Mun Pati Ngan samet ku bilatungan
Gibah namimah nusyud fitnah ananiah
Ngaruksak ahlaq Jeung eusi dina pikirna

Panyakit hate NU kakurung raga
Musrik syirik jail kaniyaya
Nafsu sombong ngagulung Jero jajantung
virus hate nyaliara Jero rasa

Salian bilatung NU ngamuara
Balitungan dipenta tanggung jawabna
panyakit hate mah leuwih.
Ti hina, nista tibatan virus corona

Interlude

Muslim ageman nu ajrih
Linuhung suci ku pangarti diri
Lirih kurohmatan Lill alamin
Netela ngariksa diri
Sangkan bersih Tina sagala panyakit

Corona Ngan ukur ngaruksak raga
Mun Pati Ngan samet ku bilatungan
Gibah namimah nusyud fitnah ananiah
Ngaruksak ahlaq Jeung eusi dina pikirna

Panyakit hate NU kakurung raga
Musrik syirik jail kaniyaya
Nafsu sombong ngagulung Jero jajantung
virus hate nyaliara Jero rasa

Salian bilatung NU ngamuara
Balitungan dipenta tanggung jawabna
panyakit hate mah leuwih. Ti hina
nista tibatan virus corona
nista tibatan virus Corona

Lirik Lagu Yang Terkait:
Virus Corona – Asep Ibut

Temukan Mp3 Asep Ibut – Virus Corona