Lirik Lagu RITA TILA – SERAT SALIRA

By | Agustus 12, 2020
RITA TILA - SERAT SALIRA

Serat salira, wengi tadi tos katampi
Kantenan jungjunan, kantenan mungguh ewuhna
Disangki serat katresna, sabudeureun cinta urang
Geuningan lepat dugaan, mundut mundur pipisahan

Serat salira dina jajaran kalima
Unggelna teu wasa, mun kedah midua hate
Teu sapuk sareng aturan, sok sieun teu kabadanan
Cangcaya moal laksana, mendak bagja sasarengan

Teu nanaon jungjunan, teu nanaon
Mun kitu kapalay salira
Lelembutan ngajerit nungkupan diri
Teungteuingeun tega teh kamalinaan

Nu munggaran urang tepung luhur panggung
Sutra genas nu nyacas kiwari kantun ngahelas
Imut-imut nu kamari, teuteup surti nu kamari

Ayeuna duka kumaha, pajar urang pileuleuyan

Lirik Lagu Yang Terkait:
RITA TILA – SERAT SALIRA

Temukan Mp3 RITA TILA – SERAT SALIRA