Lirik Lagu Neneng Fitri – Angin Priangan

By | September 4, 2020
Neneng Fitri - Angin Priangan

Angin…pangnepikeun salam kuring
Tawis ka eling…tilam kamelang
Angin…pangmawakeun asih kuring
Kanu geus lawas teu panyambungan

Peuting… dangdingkeun ieu hariring
Panyimpai rasa..pameungkeut tineung
Peuting…langamkeun ieu haleuang
Pangjurung kalbu tinu keur gandrung

Katineung…. manteung
Ka kangen…. mayeung
Kamelang…tumampel teu ilang ilang
Hariwang inggis hareupan nogencang

Saban waktu dipieling
Hate teu wasa pa’anggang
Diri nguyung kapidangdung
Rumasa geus katalimbeung

Peuting… dangdingkeun ieu hariring
Panyimpai rasa..pameungkeut tineung
Peuting…langamkeun ieu haleuang
Pangjurung kalbu tinu keur gandrung

Katineung…. manteung
Ka kangen…. mayeung
Kamelang…tumampel teu ilang ilang
Hariwang inggis hareupan nogencang

Saban waktu dipieling
Hate teu wasa pa’anggang
Diri nguyung kapidangdung
Rumasa geus katalimbeung

Saban waktu dipieling
Hate teu wasa pa’anggang
Diri nguyung kapidangdung
Rumasa geus katalimbeung

Lirik Lagu Yang Terkait:
Neneng Fitri – Angin Priangan

Temukan Mp3 Neneng Fitri – Angin Priangan