Lirik Lagu Ida Widawati – MAPALER HATE

By | Desember 15, 2020
Ida Widawati - MAPALER HATE

Kuring neuteup cahya bulan
Ngan ukur na panglamunan
Ayeuna geus kahalangan
Ku méga nu ngalimpudan

Na mangsa bulan keur béngras
Matak kelar jeung kagagas
Nganteur tineung ngawawaas
Na haté pinuh kapuas

Hamo bisa tepung lawung
Teu bisa deui gumulung
Ukur lagu nu ngurunyung
Nu mapalér lagu liwung

Dina keur tingtrimna peuting
Ngarakacak haté kuring
Geuningan aya hariring
Mapalér haté keur pusing

Angin peuting nu ngusapan
Miasih deudeuh mihéman
Harepan reuntas di jalan
Kembang asih maruragan

Leungiteun nu dipimelang
Nu témbong ukur kalangkang
Ayeuna kuring nogéncang
Nu mapalér ngan haleuang

Lirik Lagu Yang Terkait:
IDA WIDAWATI – MAPALER HATE

Temukan Mp3 Ida Widawati – MAPALER HATE