Lirik Lagu Agus Kapinis – PAANGGANG

By | Juli 17, 2022
Agus Kapinis - PAANGGANG

Sanajan raga paanggang
Katresna moal kahalang
Sanajan jirim patebih
Kaasih moal kasilih

Duh geulis panutan engkang
Nu lawas henteu patepang
Cinta engkang mah saéstu
Baris satia satuhu

Moal luntur ku kaibunan
Moal laas ku kapanasan

Reff :

Ulah melang geulis ulah hariwang
Sok sanajan raga urang téh paanggang

Ulah ceurik geulis ulah rék sedih
Sok sanajan jirim urang téh patebih

Sanajan jauh paanggang
Cinta engkang moal unggut kalinduan

Duh geulis panutan engkang
Nu lawas henteu patepang
Cinta engkang mah saéstu
Baris satia satuhu

Moal luntur ku kaibunan
Moal laas ku kapanasan

Reff :

Ulah melang geulis ulah hariwang
Sok sanajan raga urang téh paanggang

Ulah ceurik geulis ulah rék sedih
Sok sanajan jirim urang téh patebih

Sanajan jauh paanggang
Cinta engkang moal unggut kalinduan

Lirik Lagu Yang Terkait:
Agus Kapinis – Paanggang

Temukan Mp3 Agus Kapinis – PAANGGANG